Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Kasundaan

Tritangtu di Bumi

Sabtu, 19 Januari 2013

Teundeun di handeuleum sieum,

tunda di hanjuang siang,

tunda alaeun jaga

NAHA enya Amérika Serikat (AS) nagara démokrasi sakumaha diuar-uar ku pamaréntahna salila ieu? Naha enya AS ‘pendekar demokrasi’ tepi ka nyempad pisan nagara nu dianggapna otoritér? “Di dunya, demokrasi di AS pangteu de­mok­ratisna,” ceuk Fareed Zakaria, editor News­week International, dina bukuna The Future of Freeedom (2003).

Dicontokeun Mahkamah Agung jeung Federel Reserve –dua lembaga nu penting nu nangtukeun kahirupan urang AS— henteu dipilih tapi ditunjuk atawa diangkat. Pré­sidén, wakil présidén, jeung senat, nu dipilih langsung dina geus jadina ngaba­ékeun sora masarakat. Merangan Irak apan sabenerna mah teu disaluyuan ku masa­rakat AS. 

Balukarna, sakumaha nu ditémbongkeun ku Fareed Zakaria, tingkat kapercayaan masarakat AS ka pamaréntahna beuki turun. Pon kitu deui nu milu pemilihan umum (pemilu) ti taun 1960 tepi taun 2000-an tu­runna teh tepi ka 20%. Masarakat AS nengetan démokrasi téh ukur dina pemilu, geus pemilu mah nu disebut kabébasan téh langka.

Ti dinya mucunghul pamikiran ngaréformasi demokrasi sangkan henteu ngan saukur jalan keur nu hayang meunang ka­kawasaan. “Taya salahna urang ogé, maliré deui ajén-inajén kanagaraan nu aya di Sunda,” ceuk Otong Toyibin Wira­nata­ku­su­mah, ketua Rukun Wargi Bandung, waktu jadi panyatur dina saréséhan budaya sawatara waktu ka tukang.

Dina naskah Amanat Galunggung (kro­pak 632) jeung Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian (kropak 630), ceuk Otong, kapanggih konsép nu  disebut tri tangtu  (tilu kalungguhan). “Ngeunaan ieu hukum tilu lain aya di Sunda wung­kul,  tapi ogé di sélér bang­sa séjén, ma­lah geus dipika­wanoh rébuan taun ka tukang, “ pokna.

Agama Hindu mikawanoh Tri­murti (tilu dewa utama): Wis­nu, Siwa, jeung Brahma. Dina agama Katolik aya nu disebut Trinitas (Roh Kudus, Tuhan Ibu, jeung Tuhan Bapa). “Dina aja­ran Islam soal konsép ‘tilu’ oge aya, dina Al Ba­qa­rah disebutkeun  alif, lam, jeung mim téh kitab nu saéstuna, ngan tepi ka ayeuna tacan kapésék maksudna,” ceuk Otong.

Pamikiran-pamikiran holna tina filsafat ogé ngeunaan ‘anu tilu’ teh mucunghul. Plato (taun 427 Se­me­meh Ma­sehi) dina bukuna Politea nye­butkeun na­gara nu idéal teh nagara nu disu­sun ku tilu golongan; pamingpin (nu kudu rasional jeung wijaksana), tentara (nu wanian), jeung patani katut patukangan (ékonomi).

Mantesquieu ogé ngasongkeun pamikiranana ngeunaan wangun nagara teh nyoko ka ‘nu tilu’ tea, Trias Po­litica, kakawasaan nagara téh dicekel ku législatif, yudikatif, jeung éksékutif.  Ayeuna dipaké ku nagara-nagara nu ngaku nyekel démokrasi. “Jadi luluhur urang téh teu éléh dina ngasongkeun pamikiran ngeunaan nagara,” ceuk Otong.

Dina Amanat Galunggung disebutkeun jagat daranan di sang rama, jagat kreta di sang resi, jagat palangka di sang prabu: Kamakmuran tanggung  jawab sang rama, karaharjaan tanggung jawab sang resi, pamaréntahan tanggung jawab sang prabu (ratu). “Tritangtu ieu tarjamaahan tina 3 unsur pangéran, alam, jeung manusa,” ceuk Otong.

Konsep Tritangtu,  ceuk Otong, teu ka­was Trias Politica, lain babagi kaka­wasaan, tapi babagi tugas énggoning ngolah nagara sangkan masarakatna aman tengtrem teu kurang sandang pangan jeung papan. “Di masarakat Kénékés (Baduy), tri tangtu ma­sih keneh dipake, Puun Cibeo, Cikeusik, jeung Puun Cikertawana tugasna béda,” ceuk Otong.

Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian mere papagon lamun manusa hayang hirupna raharja kudu kuat kawas raja, ucap kudu kawas rama, budi (sipat) kudu kawas resi. Éta tritangtu di bumi téh nu neguhkeun (pineguh) dunya. Dina pamaréntahan,  ra­ma, resi, jeung prabu disebutna triwarga di lamba, tilu golongan  kahirupan (nagara).     

Kaayaan nagara bisa kuat, unggal lapisan masarakat, kaasup rama, resi, jeung raja ngéstokeun tugas jeung pancénna séwang-séwangan. “Anu jadi rama, resi, jeung prabu henteu ngan ukur di pusat, tapi ogé aya di wewengkon masarakat nu leutik, upamana di désa, nu kalungguhanana rama, resi, jeung prabu téh aya,” ceuk Otong.

Naha konsép kahirupan jeung nagara nu diasongkeun ku karuhun Sunda bieu bisa diterapkeun dina pajamanan kiwari jeung jaga? “Lain hal mustahil, komo mun nengetan kaayaan nagara, kaayaan dunya saperti ayeuna. Apan ceuk karuhun urang ogé teundeun di handeuleum sieum, tunda di hanjuang siang, tunda alaeun jaga,” tembal Otong.* NS Priyatna–kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya