Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kaborogod

Minggu, 20 Januari 2013

KAYUNGYUN, cenah! Bujang nyantri. Padungdengan. Éra jeung reueus. Da ngarasa can manjing. Nganjang. Maké setélan nu maranti.  Di téras. Zahra, wujud sampurna. Tadina mah hamo diteuteup. Bongan nampeu. Biwir ipis amucuy beureum jambu. Pareng leungeun pagasruk. Jedud, rey. Si Éta nyakakak. Ramo léncop marecut, ngelemeng bulu ipis na pigeulangna. Reup peureum. Najan dibungkus ku cindung. Tetep nyangheuy, na kongkolak panon. Si Éta, kalah ngahayohkeun. Lamun dikejatkeun, sieun kumaonam. “Geulis, pami tiasa mah, tong waka nawurkeun séwu mamanis,” cekéng. Ngagerentes. Istigpar teu reureuh. Awor jeung nu ngaguruh, jeroeun dada. Gamis kingkin. (Yuharno Uyuh-kisuta.com)***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya