Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Kandaga

Ngarasionalkeun Ngumbah Jimat

Minggu, 20 Januari 2013

DUKA kumaha mimitina unggal bulan Mulud karaton-karaton di urang sok ngayakeun ritual meresihan barang-barang pusaka titinggal karuhunna. Kitu deui masarakat nu boga barang pusaka. "Ieu téh silib, siloka, urang ulah mopohokeun sejarah, ulah mopohokeun karuhun," ceuk  Hidayat Suryalaga suwargi, budayawan Sunda.

Dina meresihan barang pusaka, di Cirebon disebut Panjang Jimat, masih tetep maké tata cara heubeul; Maké cai kembang, dicampuran ku cai jeruk atawa calingcing. Pakakas pusaka nu dijieunna tina beusi mah terus digosok maké jeruk. Sanggeus garing, dibulen ku lamak bodas. Ti dinya diteundeun deui dina tempatna.

Hasil tina meresihan ku cara kieu, barang-barang nu aya di museum Karaton Kasepuhan jeung Kanoman upamana tétéla réa nu geus ruksak. Di antarana waditra nu dijieun ku Sunan Bonang geus karook ku taihiang. Kitu deui barang pusaka di Bumi Alit Panjalu Ciamis, beuki ngipisan lantaran béak alatan ku karat.

"Meresihan barang tina beusi kudu maké zat asam. Cai jeruk, calingcing mémang kaasup zat asam, ngan zat asam lemah. Éta sababna kurang mampuh nyegah karat. Sangkan hasilna maksimal, kudu maké asam kuat, air raksa, upamana," ceuk Mubiar Purwasasmita, dosen di Téhnik Kimia, Institut Téknologi Bandung (ITB).   

Hanjakalna, ceuk Mubiar, pangaweruh soal zat asam karuhun urang henteu tepi ka entragan saterusna, kaasup entragan ayeuna. "Baheula mah tacan kapanggih nu disebut zat kimia, nu matak naon salahna mun ayeuna dina meresihan barang pusaka maké zat kimia, da henteu hésé. Anu digugulungna ulah tradisi," pokna.

Ku téknologi nu leuwih luhur, karat anu dina beusi bisa diusahakeun henteu coplok, ku zat kimia diiket sarta karatna henteu nambahan deui. Dina neundeunna ogé ulah dapon tapi kudu di tempat anu kelembaban udarana bisa diatur. 

Pamanggih Mubiar dienyakeun ku Ratu Arimbi Nurtina. "Saha sih nu teu hoyong ngarumat barang titinggal karuhun? Tapi, ti mana atuh waragad keur ngarumatna?" pokna. Diaku neundeun jeung ngarumat barang-barang nu ngandung ajén sajarah perlu téknologi, henteu ukur diberesihan sataun sakali dina bulan Mulud.

Sangkan barang-barang nu ngandung ajén sajarah di Karaton Kasepuhan, Kanoman, jeung Kacirebonan kapiara, teu tepi ka ruksak, sigana Panjang Jimat di Cirebon kudu ngagunakeun téknologi. Ulah ngagugulung tradisi, lantaran luluhur ogé dina ngumbah barang pusaka maké téknologi, ngan ngamangpaatkeun alam. (NS Priyatna-kisuta.com)***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya