Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Hadiah

Senin, 21 Januari 2013

KACIPTA kénéh, salirana nu ngayakas ngagolér dina kasur busa payuneun tipi. Rambutna nu tos méh bodas sadayana, ngagurilap katojo cahaya lampu.

“Entat, pangrawatankeun.” Saur ambu bari ngalésotkeun lélépén  tina jariji tengenna.

“Naha, Ambu? Kapan lélépén éta téh tawis deudeuh ti Ama?”

“ Ah, da geus teu butuh nu kitu. Hayang sotéh Ama sing adil, ngarah Ambu kabagéan ibadah ngurusanan anjeunna.”

Dina kasur nu éta kénéh, salirana nu ngayakas téh ayeuna mah tos dibungkus ku boéh, dirurub ku sinjang kebat. Teu lami, mung saminggu ti saparantos dipaparin lélépén mata berlian, hadiah milangkala ti Ama. (Tiktik Rusyani-kisuta.com)***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya