Luqotoh
LANGIT angkeub. Saangkeub hate manéhna. Tadi isuk pamajikanana rumahuh. SPP budak nu geus tilu bulan can kabayar, kudu dibérésan dua poé deui. Jumlah-jamléh Rp 350 rébu. Pangasilan buburuh, sawates keur nyumponan risiko dapur.
Sakapeung dahar isuk, sore henteu. Da heueuh, geus niat rék kumaha waé gé, budak mah kudu anggeus sakolana. Narékahan mah narékahan. Ngan nya kitu, can hasil. Pakukumaha ka ditu ka dieu, sarua ripuhna. Manehna mapay jalan ka kalerkeun. Tas ti tempat nu geus dipenta tulung. Bras ka jalan nu rada mudun. Belah kéncaeun jalan, handapeun bangku pos ronda, bet karérét aya lokét hideung. Culang-cileung. Lokét dicokot, dibuka. Horéng, aya duitan, Rp 600 rébu. Ukur duit, euweuh kartu idéntitas. Ras inget kana omongan Ustad Komar. Mun manggih barang nu can puguh nu saha-sahana, kudu dibéwarakeun heula. Copélna, di salembur éta. Mun téa mah euweuh nu ngaku, ogé kudu tunggu heula sataun. Culang-cileung. Dompet dibawa. Laporan ka RT di dinya pikeun dibewarakeun, atawa ulah. Carita pamajikanana patémbalan jeung omongan Ustad Komar. (Rameli Agam-kisuta.com)***


