Adegan Lain Rékaan
LAIN drama lain sandiwara. Jajauheun kana sinétron jeung film layar lébar. Teu maké skenario komo sutradara.
Aktingna aralus. Karakterna kuat. Plotna ngaguluyur. Ti adegan ka adegan, nyambung. Dialogna teu kaku. Kurunyung tokoh antagonis. Ijigimbrang. Kukulutus. Nganaha-naha hirup. Euweuh menyatna, cenah. Goak, budak gumélo. Lolongséran. katirisan saméméh mandi. Langgeor mojang séngsérang panon. Baketut. Kurang ongkos. Jleg jajaka lebay, gigisik hudang saré. Ngopi ngelepus udud bari ngamandian manuk anis. Ari panon tetep manco ka si tokoh antagonis. Dialogna beuki lancar, seukeut. Nyarékan nu keur ngabatu na korsi tepas. Disarung dikaos oblong. Bari pikiran kebek kabingung. Kamana poé ieu néangan pulus. Pré...sada gelas dibantingkeun. Rénjag deui, soak deui. Nya kuring nu kudu jadi pemeran utama. Atawa teuing naon kasebutna. Dicindekeun mun kuring teu kieu moal aya lalakon siga kieu. Kateumampuhan kuring dina nyubadanan nu ngabalukarkeun unggal isuk kudu lalajo drama, sandiwara, sinétron atawa film layar lebar siga tadi. Adegan nu lain rékaan. (Ki Denkur-kisuta.com)***


