Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Tétéh

Selasa, 22 Januari 2013

Téh  Arum ngadeg na sisi ranjang, pananganna ranggah. “Hayu atuh Ayang, ibak heula bilih kasiangan sakola.” Kuring kalah ajrug-ajrugan bari iirihilan. ”Enggal..ih, pan Tétéh kedah nyiapkeun sarapan kanggo Akang.” Kuring diakeup, dibawa ka cai. Baju dilaanan.Dimandian. Seragam sakola geus dipaké, buuk keur diuntun dua, ditikelkeun, dipitaan. Paromanna kaciri sugema.”Geulis bungsu téh.” Cenah bari celengok nyium kana tarang.Bari sasarap kuring ningalikeun anjeunna gesat-gesut diseragam abu-abu. Sangu goréngna weuteuh kénéh, basa béca Mang Andi mapagkeuin di buruan.Konci imah diteundeun handapeun pot sansiviera, tempat maneuh ngarah Ibu nu mulih dines malem teu kokotéténgan.Ayeuna, Tétéh ngalempréh, diriung ku adi jeung suan nu dipikameumeutna. Koma. Hirup ngagantung kana alat dikorowot kangker stadium opat. (Tiktik Rusyani-kisuta.com)***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya