Sunda, Pangawasa Lautan nu Digunungkeun
“AYA hiji nagara, rajana Ye Tiao jeung ngaran nagarana Tiao Pien, puseur karajaanana Ko Ying, pernahna di Teluk Wéh di deukeut Pu Lei.” Kitu ceuk urang Cina kira-kira taun 100 – 200 Maséhi. Harita panguasa Cina ti Dinasti Han, dina ahi-ahir kakawasaanana ngirimkeun kapal-kapal perang jeung bajo (rampog di laut) ka Nusantara.

Anu dimaksud Ye Tiao téh Aki Tirem atawa Aji Tirem, Tiao Pien hartina Nagara Tirem, Ki Ying: kota pérak atawa Rajata-pura, Teluk Weh maksudna Teluk Sunda, Pu Lei Pulo: Merapi anu ayeuna disebut Gunung Krakatau. Jadi, kapal perang bajo Cina téh ngadatangan lelewek nu ngaranna Salaka nu dipingpin ku Aki Tirem.
Kapal perang jeung bajo Cina dibantuan ku urang India. Duanana bisa ngahiji pédah ngagem agama nu ajaranana loba nu saruana. Aki Tirem teu cicingeun. Angkatan lautna dikeprik sina nyanghareupan kapal perang jeung bajo Cina katut India. Hasilna, kapal perang Cina jeung India, pon kitu deui bajona teu mangga pulia ngalawan pasukan laut Aki Tirem.
Najan boga angkatan laut nu kuat tepi ka bisa ngaburakrakeun armada kapal perang Cina jeung India, Aki Tirem teu miharep kajadian deui peperangan. Ku kituna, taun 130 M Aki Tirem ngirimkeun utusan dagangna ka karajaan Cina. Hasilna, wewengkon Salaka teu diganggu deui ku kapal perang jeung bajo Cina sarta hubungan dagang jeung Cina lungsur-langsar.
Kituna téh teu lumangsung lila. Jaman Raja Salaka III, taun 238 M kapal perang jeung bajo Cina ngahurup deui Salaka. Angkutan laut Salaka kalayan teuneung leudeung ngalawan tepi ka kapal perang jeung bajo Cina teu nyesa hiji-hji acan. Raja Salaka III ngirimkeun deui utusanana ka Cina keur leuwih ngaraketkeun hubungan dagang.
Sigana bajo laut Cina keukeuh hayang ngawasa jalur perdagangan di Selat Sunda. Jaman Raja Salaka IV, kapal perang jeung bajo Cina nyoba-nyoba ngarurug deui Salaka. Kajadian deui peperangan di laut. Dina éta peperangan, Raja Salaka IV palastra, tapi kapal-kapal perang jeung bajo Cina bisa diancurkeun.
Peperangan urang Sunda jeung kapal perang katut bajo Cina terus lumangsung tepi ka jaman Karajaan Tarumanagara nu ku urang Cina disebut To-lo-mo. Rajana, Purnawarman nu asalna ti Karajaan Sembawa nu puseur karajaanana di Sundapura di wewengkon Citarum kudu meresihan lautna tina gangguan bangsa deungeun.
Taun 399, kapal perang jeung bajo laut Cina beuki meuweuh ti mimiti di Laut Cina Kidul, Laut Sunda, Laut Jawa, Selat Malaka, tepi ka Samudra Hindia. Taya nu wanieun balayar ka éta wewengkon. Bajo téh kacida pisan telenges jeung kejemna. Kapal nu balayar ka dinya dirampog, nu mawana dipaténi, kapal jeung barangna dirampas.
Salahsaurang menteri karajaan Tarumanagara jeung rombonganana nu keur balayar ogé diserang jeung kabéhanana dipaténi. Purnawarman teu cicingeun. Dipingpin langsung ku Purnawarman, kapal-kapal perang Tarumanagara ngabeledig kapal perang jeung bajo Cina. Nu munggaran diberesihan téh laut di Ujungkulon.
Purnawarman saterusna ngangkat salahsahiji pamanna jadi Panglima Angkatan Laut Tarumanagara. Tugasna kawilang beurat: Ngamankeun laut nu lain ngan ukur di lelewek Ujung Kulon, Laut Sunda, Laut Jawa wungkul, tapi ogé laut nu aya di wewengkon Asia Tenggara ayeuna. Jadi, merelukeun angkatan laut nu kuat.
Panglima Angkutan Laut Tarumanagara kudu ngamankeun jalur dagang dunya di sapanjang laut ti mimiti Tarumanagara tepi ka Semenanjung Mendini (Malaya, Lingga, Bangka, Belitung), Syangka (Siam), Yawana (Kamboja), Campa (Anam, Vietnam), Bakulapura (Kalimantan Timur), karajaan-karajaan Sumatera, Cambay (India) jeung nagri Cina.
Tarékah Purnawarman aya hasilna. Taun 449 M, Kaisar Cina, Liu Sung, ngirimkeun utusan resmina sina natamu ka Karajaan Tarumanagara. Utusan Kaisar Liu Sung téh minangka utusan munggaran ka Nusantara. Pangna nu pangheulana dituju Tarumanagara, sigana duméh Tarumanagara mampu ngamankeun laut jalur dagang internasional.
Awal abad ka-5, hubungan dagang antara karajaan di Nusantara jeung nagri Cina katut nagara-nagara sejenna mimiti normal. Henteu diganggu ku bajo laut jeung kapal perang Cina. Kaisar Cina nempatkeun wakil dagangna (konsulat dagang) di Sumatera, Semenanjung Malaya, Kalimantan Barat jeung Kalimantan Utara.
Najan kitu ari gangguan bajo laut Cina mah masih kénéh aya, henteu leungit pisan. Taun 565 M Raja Tarumanagara, Kretawarman, ngirimkeun utusan dagang ka nagri Cina. Di tengah Laut Cina Kidul, kapal rombongan téh dipegat ku bajo laut Cina, tapi bisa diungkulan sarta rombongan bisa neruskeun balayarna ka nagri Cina.
Tina kanyataan sajarah ieu, di antarana wae sumberna ti Naskah Wangsakerta jeung ti Cina, tétéla urang Sunda nu salila ieu kakoncara bangsa huma lantaran hirupna di pagunungan, tadina mah kuat di laut. Ku kituna teu anéh mun aya nu nyebutkeun urang Sunda téh sabenerna mah digunungkeun, disingkirkeun ti laut. (NS Priyatna-kisuta.com)***


