Banjir Pamungkas
BIDIN kadua pamajikanana sibuk bébérés di jero imah. Anak cikalna anteng kokojayan di buruan. Nu bungsu diais, geus tilu poé gering panas.
Jalan salin rupa jadi susukan badag, teu bisa disorang. Indit kamana pikeun ngubaran budak dina kaayaan kitu? Rénghap budak nu keur gering nyeuitan haténa nu geus béakeun cimata.
"Pa, kumaha ieu Si Adé asa beuki panas awakna...," ceuk pamajikanana semu reuwas, laju budak digolérkeun dina dipan. Awak budak beuki nyongkab. Matana burial buncelik. "Ubaran atuh sabisa-bisa, Bapana!" indung budak rawah-riwih. Nu dipénta tulung ngadon ngabigeu. Gadona ngambay ka handap, calawak. Kumisna nu sanggadulang ngulapés. Awak si bungsu robah jadi cahaya, nyamber nu aya di dinya. Sakulawarga ngungsi ka sawarga. (Irman N Dimyatie-kisuta.com)***


