Kalangsu
WANCI pecat sawed. Hawa geus karasa bayeungyang. Panonpoé moncorong, nyanggéréng bangun nu ambek. Geus kajudi, tengah poé hareudangna liwat saking.
Ngoprot. Beretek kaluar ti imah, muru tegalan. Sret, ngudaran baju. Nulak cangkéng, tuluy tanggah. “Kadieu goblog…, marukanna aing sieun ku sia !!!” ngajorowok nangtang nu molotot di langit. Nu ditangtang, ngadeukeutan. Késang mingkin ngagarajag. Beuki lila, késang semu beureum. Antukna, saawak-awak mulas beureum. Rumanggieung. Kudupruk, ninggang lemah. Awakna ngariut. Géhéng.
Ti kajauhan kadéngé sora nu ngaguruh. Caah déngdéng. Awakna nu ngudupruk, kaséot ku cai nu ngagulidag. Kabawa palid ka sagara nu caina panas, alatan teu eureun-eureun kasorot ku panonpoé. Manéhna angkleung-angkleungan, ti mangsa ka mangsa. Kalangsu di tengah sagara panas. Nyorangan.
Haténa jumerit, miharep aya pamayang nu ngajait dirina. Mawa manéhna ka sisi sagara. Hayang ngarasakeun deui kumaha rasa tiis nu geus lila teu ngusapan awakna. (Eboed Eman Budiman-kisuta.com)***


