Lain Bim Salabim
BUDAH laut kokojayan. Malidkeun kutang jeung sendal capit. Angkleung-angkleungan siga nu hayang nyisi, ka basisir. Mang Utun, hiji pamayang nu hirupna tina kocopokna lauk, mangtaun-taun, karék anjog tas balayar. Opat poé opat peuting, nyaung-nyaung di tengah laut. Ngaheruk ku beubeunangan nu teu sapira. Usum werit atuda. Jaba ombak keur meujeuhna motah.
Mang Utun geus taunan jadi pamayang. Tapi angger masakat. Ukur bisa dahar jeung dahar. Saanak bojo. Tara ieuh boga sésa. Padahal, kekejotan hayang ngoméan imah, hayang boga tipi, komo motor. Teu werat.
Ninggang poé harita, basa budah laut malidkeun kutang jeung sendal capit téa, Mang Utun kacida bingungna. Butuh waragad keur namatkeun kuliah si cikal di Amérika. Tangtu lain pangaji saeutik. Sapuluh juta mah aya, cenah.
Keur ngalamun luhur parahu, kutang jeung sendal capit nu antukna anjog ka basisir, totoél kana suku Mang Utun. Pangangguran diteundeun dina parahu. Sakedét nétra, jelegedeg jadi gunung emas. Mang Utun reuwas, biur ka Amérika.(Ki Denkur-kisuta.com)***


