Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Dompet Hideung

Sabtu, 26 Januari 2013

DI lengkob pasir leutik. Manehna hanjat tina lombang pamiceunan runtah. Nyarande kana rodana. Kesang ngoprot napasna ngahegak.  Tina lombang runtah. Seuneu durukan ngabebela. Serelek dompet pamanggihna dibuka. Eusina. Duit saratus rebuan lima lambar jeung hiji Ktp. Manehna apal saha nu boga ieu dompet. Ngan tembong deui dina panonna. Budak awewena keur ceurik ngadingdiut, hayang dipangmeulikeun tas sakola. Duit diasupkeun kana pesak. Dompet jeung Ktp Pa Rw perumahan, anu runtah-runtahna di unjalan kana roda unggal poe dialungkeun kana durukan. "Bah Aneeep!" Budak lalaki ngagorowok bari nyampeurkeun manehnah. "Eh, Bah. Mendakan Dompet hideung teu tina tong sampah tadi? kitu saur pun Bapa teh!" Manehna narik napas jero pisan, tuluy gideug bari neuteup durukan runtah nu seuneuna tambah ngabebela! (Kang IsMaya-kisuta.com)***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya