Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Lalakon Tonggong

Sabtu, 26 Januari 2013

SPINA Bifida, aran nu alus keur ngamimitian katunggara hirupna. Aya lolongkrang tina Vetebra anu teu nutup sampurna kusabab kakurangan asam folat basa keur dina kandungan.  Teu bisa dibebener sabab geus Mielokel. Tonggongna kasar semu beureum. Korda spinalis naronjol. Jingjet. Ti leuleutik dimomorékeun ku batur. Dijarebéngan. Pajar anak jadah. Azab lampah indung-bapana. Manéhna sok seunggah nyanghareupan meleték srangéngé. Teu hayang ingkah ti imah. Teu kuat ku teuteup ceuceub deungeun.
Hayang protés. Tapi ka saha? Ka indung nu geus ditundung ku kulawarga? Nu ngeukeuhan kandunganana?Anu kiwari dug hulu pet nyawa demi manéhna? Nu teu maliré dirina sorangan? Ah! Atawa nyalahkeun ka Bapa nu durjana? Nu ngagadabah kahormatan indungna? Nu ngiles taya tapakna. Protés ka Gusti? Teu apal!
Kingkilaban tingbarasat. Megatan balawirina impian jeung pangharepan. Manéhna. Nu hayang hirup kawas ilaharna wanoja saumuranna. “Ah…!” 
Belewer, sisir dialungkeun kana eunteung. Kalangkang awéwé bongkok, leungit sapada harita. Manéhna nyéréngéh bungah. (Firda Aulia-kisuta.com)***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya