Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Kandaga

Tatar Sunda, Leubeut ku Banda Sajarah

Sabtu, 26 Januari 2013

ARCA Agustya Siwa Ma­ha­guru, Durga Mahésa Su­ramadini, Mahakala, Dur­ga Mahésa Sura Madini II, jeung arca Siwa nu diteundeun di mu­seum karaton Surakarta (So­lo),  Mu­seum Radya Pus­ta­ka, ka­nya­hoan geus pindah tem­pat, jadi koléksi pribadi pa­ngusaha kasohor Has­him Djojo­hadi­ku­sumo. Ka­pang­gihna wak­tu rék diberesihkeun.

Hashim Djojohadikusumo nu memang resep ngoléksi ba­rang-barang seni jeung  sajarah  téh ngaliwatan wawakilna, Fadli Zon, teu apaleun arca koléksina meunang maling ti Museum Ra­dya Pustaka. Hashim meulina ti urang mancanagara. Surat-surat katerangan ngeunaan eta lima ar­ca lengkep pisan.

Loba nu héraneun sabab  li­ma arca nu aya di Hashim ma­sih keneh aya di Museum Radya Pustaka. Sanggeus dita­lungtik, kanyahoan arca nu aya di museum téh tiruan. Ngahaja dijieun tiruanana sangkan leungitna éta lima arca teu kapanggih. Ku nu teu nyaho mah, hésé rék ngabéda­keun antara nu asli jeung tiruanana.

Di Bandung geunjleungna arca koléksi Museum Radya Pustaka dipaling  ngalanta­ran­keun kabokérna dua arca titinggal sejarah di lelewek Kebon Bi­na­tang Bandung nu diantep kahujanan jeung kapanasan. Ma­lah ku patugas Kebon Bi­na­tang téh dianggap ngaheu­heu­rinan, lanta­ran teu nyahoeun éta arca titinggal sajarah. Diang­gap­na arca hiasan.

Padahal éta arca   geus kung­si ditalungtik arkéolog ti Balai Arkeologi (Balar) Ban­dung. Hasil panalungtikanana, arca nu aya di Kebon Binatang arca Durga jeung arca Agastya. Ngan ku Ba­lar henteu terus dirawatan atawa dibawa ka kantorna, disina angger dina tempatna. Pon kitu deui ku Mu­seum Sri Baduga Bandung.

“Pihak museum teu bisa kitu waé mawa  banda sajarah, ke­dah aya serah terimana ti nu bogana. Atuh pihak museum ogé teu tiasa maksa hiji banda pusaka kudu dikamuseum­keun,” ceuk Nita Ju­lianita, Ke­pala Séksi Perlin­du­ngan Balai Pengelolaan Museum Sri Ba­du­ga Jawa Barat.

Arca Durga bahanna tina ba­tuan basaltic. Bentuk arcana awéwé nu nangtung luhureun munding (mahisa) nu nyangha­reup ka beulah katuhu, posisi mahisa digambarkeun keur diuk. Katuhueunana aya raksasa nu kaluar tina beuheung munding (asura). Di bagéan tukang arca aya prabhamandala.

Mahkotana digambarkeun opat tingkat, beuki ka luhur bentukna beuki ngaleutikan (jatamakuta). Ieu arca digambarkeun maké kaén nu dibeulitkeun di handapeun bujal jeung maké sa­léndang nu ngabeulit  cang­kéng. Arca Durga nu leungeunna aya genep téh make perhiasan geulang, kong­korong jeung anting.

Arca hiji deui Agastya, ba­hanna tina batu pasir. Ieu arca paroman beungeutna jalma de­wasa, kumis jeung janggotna kandel tur panjang. Posisina nang­­tung, beuteungna burayut. Bentuk mahkotana jatamakuta,  leungeunna dua, nu kenca rada nekuk, nu katuhu lempeng ka han­dap.  Leungeun kénca nye­kel kendi, leungeun katuhu nye­kel kaén.

Ukuran arca Agastya jang­kungna 48 sénti, rubakna 26 sén­ti, kandelna 13 sénti. Dina ba­géan katuhu aya trisula, ba­gean kéncana aya camara. Ceu­lina diantingan panjang, upa­wita, mangrupa runtuyan tas­béh. “Arca Agastya jeung Durga téh dua di antara arca nu kapanggih di Bandung,” ceuk Ke­pala Balai Arkeologi Ban­dung, Sudarti

Bandung baheulana dano atawa talaga nu kacida legana. Di sisi-sisi ieu dano  kapanggih fosil manusa mangsa praseja­rah jeung pakakas nu digunakeunana. Upa­mana waé ditimu­keunana fosil rangka manusa pra­sejarah di Guha Pawon, Ci­patat, Pada­la­rang, Bandung Ba­rat. Kahirupan manusa di bi­wir dano lumangsung nepi ka mang­sa klasik.

Dina Rapporten van den Oudheidkundigen Dienst in Ne­derlandsch-Indie 1914, a­r­kéo­­log NJ Krom ngalaporkeun ayana sa­ba­baraha titinggal ar­kéologi nu asalna ti mangsa klasik. Can­di Bojongménjé di Rancaékék Ka­bu­patén Bandung salahsahiji bukti mémang enya di Bandung  loba benda purbakala nu bisa ngung­kab kahirupan di Ban­dung ba­heula. 

Anyar-anyar ieu gé diti­mu­keun sababaraha batu nu di­duga bagéan tina candi di Kam­pung Su­­kapada, Kalurahan Bo­jong Emas, Kacamatan Solokan Jeruk, Kabupatén Bandung. Di­duga loba keneh sésa-sésa can­di séjénna, bisa jadi geus loba nu kakubur ku paimahan ata­wa pabrik, kawas candi di lele­wek Rancaékék, Ka­bu­patén Bandung.

Sudarti nyebutkeun daérah sebaran titinggal arkéologi di Ban­dung téh nu di Kabupatén Ban­dung di Kacamatan Cililin, Ka­ca­matan Soréang, Kaca­ma­tan Lém­bang, Kacamatan Cica­léngka, Kacamatan Balééndah, jeung di Kacamatan Parong­pong. “Ari nu di Kota Bandung mah di Kaca­ma­tan Tamansari, di Kebun Binatang Bandung téa,” pokna.

Di Cililin nu ditalungtik téh imah dines Wadana Cililin,  Batu Munding jeung Makam Embah Raden Idin Kusuma di Desa Mu­ka Payung. Di Soréang: Makam Embah Anduy jeung makam Dalem Gajah Palembang. Di  ma­kam Dalem Gajah Palém­bang aya fragmén arca nu panjangna 50 sénti,  rubak 30 sénti, jeung jangkungna 37 sénti.

Éta fragmén arca téh ba­géan suku posisina diuk u­ikutikasana (sila), sakumaha ilaharna dina arca Ganésa.  Ar­ca atawa réplika (tiruan) arca ti­ting­gal arkéologi di Bandung geus aya nu jadi koleksi Mu­seum Negeri Sri Baduga Ban­dung. Di antarana waé arca Dé­wa, Nandi, Ganésa ti Bukit Tunggul, arca nénék mo­yang ti Ciwidéy jeung ti Bukit Tunggul.

Anu mangrupa réplika  mah arca Siwa Mahaguru ti Ciparay, arca Agastya ti Cicaléngka, jeung relief Siwa Mahadéwa ti Cibodas, jeung arca Cika­pun­dung. Arca aslina mah disimpen di Museum Negeri Jakarta. “Mangsa klasik di sabudeureun Bandung ti saprak mangsa pra-Karajaan Sunda nepi ka mang­sa Karajaan Sunda,” ceuk Su­darti.

Titinggal arkéologi mangsa pra-Karajaan Sunda téh sumebar di sapanjang  Ci Tarum. Lo­lo­bana mah arca jeung sésa-sé­sa candi, saperti di Ténjolaya, Candi Bo­jong­ménjé, jeung Can­di Bo­jong­emas. Titinggal séjénna nu diduga sajaman di anta­rana arca-arca nu ditimu­keun di Manglayang, Ciparay, jeung di dataran Cupu di Ran­ca­manyar.

Sudarti nyebutkeun ieu nu­duh­keun daérah wétan Ban­dung jeung sapanjang Ci Tarum beulah kidul téh pamukiman ma­­nusa ja­man pra-Karajaan Sun­da. Dina mangsa ka béh di­eunakeun nu disebut mangsa kla­sik, beuki ngalegaan. Bukti-buktina, kapanggihna arca-arca tipe Pajajaran di Désa Gajah Me­kar, daérah Bukit Tunggul, Ci­­kapundung, jeung di Ci­ca­léng­ka.

“Jawa Barat téh beunghar ku titinggal arkéologi. Pola se­ba­ra­na­na di pedalaman jeung di basisir, atawa ogé gabungan duanana. Ciri-ciri titinggal di pe­dalaman nunjukkeun tradisi mé­galitik, ari di basisir mah nunjuk­keun mangsa klasik. Eta titinggal arkéologi téh sumebar di sa­panjang Pantura jeung basisir Jawa Barat pakidulan,” pokna.

Di basisir kalér Jawa Barat ditimukeun titinggal budaya Bu­ni, nu ciri-cirina: bekel kubur manik-manik, perhiasan, jeung tembikar. “Budaya Buni mekar di daerah Bekasi jeung Kara­wang. Di Situs Batujaya aya campuran antara budaya Buni jeung budaya klasik. Di Jawa Barat, di sagigi­reun mekar bu­da­ya megalitik, ogé mekar budaya klasik” ceuk Sudarti.

Budaya mégalitik ditunjuk­keun ku ayana budaya tatanén, ngahormat arwah karuhunna. Titinggalna ménhir jeung dolmén. “Ku leubeutna titinggal arkéologi di Jawa Barat, kaasup di Bandung, saenyana bakal loba informasi nu kaungkab mun ku urang dita­lung­tik kalayan daria,” ceuk Sudarti. “Kahirupan manusa jaman prasejarah, klasik,  di Bandung, upama­na, bisa kanyahoan kumaha-ku­mahana, malah mah bisa gambarkeun kalayan jéntré,” pokna deui.

Nita sapamadegan jeung Sudarti. Ku kituna Nita ngaharepkeun masarakat mun boga atawa manggih banda sajarah atawa nu dianggap banda sajarah gancang lapor ka pamaréntah sangkan bi­sa gancang didata jeung dita­lungtik. “Éta téh kakaayaan buda­ya bangsa urang ulah tepi ka musnah atawa ulah tepi ka djiual ka bangsa deungeun,” pokna.

Urang ceuk Tina, kudu boga sikep nyaah kana banda sajarah urang sorangan, ulah tepi ka kabita ku harga nu ditawarkeun ku koléktor. “Museum Sri Baduga ahir Pebruari 2007 kasérénan arca ku salahsaurang warga nu dumuk di Tubagus Ismail Dago Ban­dung. Tah, diharepkeun unggal warga boga sikep kitu,” pokna. (NS Priyatna-kisunda.com)*** 


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya