Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Asa Diseureud Engang

Sabtu, 26 Januari 2013

RADA kaéraan basa tarawéh téh. Nu sarolat jadi ébat. Kaasup imam nu ngocéak pangtarikna. Teu pira rarasaan mah, gara-gara kuntung ji sam su… 

Kadéngé qomat, gusat-gesut lumpat muru masjid. Muru shaf panghareupna, hayang tukangeun pisan imam méh khusu. Rarasaan mah geus wudlu. Roko nu ngan sapotong deui téh gancang disempilkeun kana ceuli. Lebar rék dipiceun téh, keur ngeungeunahna.

Karék gé takbir…na atuh jeletit téh ceuli asa diseureud engang. “Alah…alaah…alaaah…” Rikat leungeun nepak ceuli. Pluk! Ragrag meneran pisan punduk imam nu keur khusu maca Qulhu. Asup pisan kana jeroeun samléh bajuna. “Adeuh…adeuh…adeuuuh,” cenah ngajérété. Gigibrig. Pluk wé kuntung ji sam su uing. Tayohna tadi téh can pareum pisan, hurung deui dina ceuli. Beu! (Ki Suta-kisuta.com)***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya