Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Sajak

Satia

Sabtu, 26 Januari 2013

Sapanjang Cipularang emutan kumacacang, 
Milari tangtungan salira dina kaendahan ungkara
dina manglambar-lambar catetan nu lawas teu kaungkab.

Sangli, katambias ku lamunan,
teu mendak raratan.
Waktos cisoca ngeclak kana pangkonan,
Rema rasa salira ngagilisir kana raga,
Singhoreng,
nu dipilari teu kamamana, teu kasasaha,
ajeg pageuh, nyakrawati na ati bahudenda dina dada.(Tiktik Rusyani-kisuta.com)***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya