Anu Halon Ngagalindeng
NGUNG-NGÉNG dédéngéan. Ti beulah kénca. Asa katorékan. Teu puguh déngékeuneunana. Sirah muih. Sora nanahaon éta téh, nya? Sora maung kitu? Da mani handaruan?
Ah, lain. Da tungtungna ngajerit sora gajah. Tah, sada anjing babaung deuih. Tapi naha bet nyegrok kawas bagong? Deuh, nu ieu mah sora tegug. Tarik pisan. “Rorék tah cepil téh geura! Supados teu seueur dadanguan!”ceuk sora, nampeu kana ceuli katuhu. Rét! Taya sasaha. Mana atuh mangkelukna? Asa kumawani ngatur ka aing. Tapi curuk teu burung ngucek-ngucek liang ceuli. Ah, waduk! Angger tingjelengéng. Malah beuki bedas kadéngéna ayeuna mah. “Sia mah ngaheureuyan aing, goblog!” Nyentak satakerna bari nyiduhan langit. Ukur ngahéhéh. “Sanés ku réma ngarorékna!” pokna. Kudu ku naon atuh? Ku jara? Ku paku? “His, sanés!” pokna deui. Bangun ngadéngé kereteg haté. “Heueuh, ku naon?” Urat beuheung beuki rateng. Jempling. “Ku naon?” Jempé. Sabot jajantung hurung, halon naker ngaglindeng sora tasbih. Tapi ceuli nu katuhu kalahka ngadadak torék.(Nana Sukmana-kisuta.com)***


