Kukupu
BEUREUM, bodas, konêng, kayas, bungur. Kekembangan satungtung deuleu. Êndah rupaning warna. Kuring jeung nu sêjên suka bungah nyeuseup madu saseubeuhna. Bari gogonjakan ti hiji kembang eunteup ka kembang sêjênna.

Keur aranteng ngagon kahayang, kukupu nu hideung meles ngabelesat tarik naker bari gogorowokan, "Awas jariiing, jaaariiiing..." kabêh tibuburanjat paheula-heula mangkat.
Kuring gê mêbêrkeun jangjang, orokaya jaring geus ngahiuk tukangeun pisan. Jangjang kalah tikait kana kalakay. Gebrug labuh...
Lalauna panon beunta, gigisik bari ngusapan tonggong nu nyeri balas labuh tina dipan. Emh, ngimpi jadi kukupu bieu têh. Asa wararaas, geus lila teu manggihan kukupu. Di dieu mah boro-boro aya lahan nu hêjo ngemploh paselang jeung kekembangan rupaning warna, apan maên bal gê di indoor futsal nu di AC-an. Lain sêhat, kalah malik asup angin.
Ras inget kana impian. Deudeuh teuing kukupu...(Firda Aulia-kisuta.com)***


