Sastra & Humor
Fikmin
Kabagean Baseuh
Minggu, 27 Januari 2013
Reueuk hideung, kimpel. Ngurilingan langit istana. Alun-alun nyitu. Mobil méwah nyarah. Awor jeung nu tingkerelep. Tingkocéak.

Sri Baginda sungkan lugay. Lumungsur bangun teunangan. “Beu geuningan!” pokna. Bari jéjéngkéan sieun dilétak Ciliwung. (Yuharno Uyuh-kisuta.com)***
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


