Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kunyuk Rawun

Minggu, 27 Januari 2013

GENEP siki tatapakan. Katujuh jeung nu di tengah. Ngawangun rangkay. Pel, lambaran bilik. Carang. Didempét cempéd awi tali. Buni sakuriling gigir. Kari kenténg jeung suhunan. Lalangit jeung kaso-kaso.

Bréh, inget ka Kunyuk Rawun. Ngincid nyampeurkeun. Mawa harepan. Sugan jeung sugan. Nyamos. Kunyuk kalah kerung. Kuraweud haseum. "Euweuh, teu bisa," pokna gégétrét.
“Sing percanten, panén payun tangtos diuwihkeun,” témbal Mang Dahyar sanuk-sanuk.
“Teu bisa. Dalah kumaha ogé. Can karuhan panén meunang sabaraha kintal,” ceuk Kunyuk nu éta kénéh.
Teu majar kumaha. Mang Dahyar mulang deui. Nyidem kanyeri. Peurih nurih ati. Keun siah, pokna. Sila tutug luhureun tatapakan. Tujuh poé tujuh peuting. Rekés. Neneda ka Hyang Widi. Duit sapadati. Rajakaya sakumaha boa.
Genep bulan ti harita. Jangélék. Gedong sigrong. Agréng. Pereték ku parabot harurung harérang. Ti béh kidul. Ngagebur seuneu beureum. Ngaléléd sakuriling imah. Tingkocéak ménta tulung. Béak ludes kahuruan. Nu katémbong Kunyuk Rawun gagalacangan. Jéjérétéan na congo seuneu. Jojorowokan ménta wadal.(Ki Denkur-kisuta.com)***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya