Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Nyungsi Bihari

Raja Sunda, Sang Juru Panengah

Senin, 28 Januari 2013

TI taun 300 Maséhi, perenahna di Desa Simo, Kabupaten Boyolali, Jawa Tengah, ayeu­na,  tumuwuh karajaan Sima salila sababaraha abad. Ku kamekaranana, Sima jadi karajaan nu badag, wewengkon kakawasaanana ngawengku Jawa Tengah jeung Jawa Timur ayeuna. Taun 674 M, karajaan Sima nu oge mindeng disebut Kalingga dipingpin ku wanoja sarta ketelah Ratu Sima.

Ratu Sima ngayakeun hubungan jeung nagri Cina sanggeus salahsaurang ti Cina, Hwi Ning datang ka Kalingga. Hwi Ning neuleuman agama Budha-Hinayana di paguron urang Keling (India). Ku raketna hubunganana, panguasa Cina ngajangjikeun bantuan angkatan perang mun Ratu Sima nyanghareupan musuh.

Salahsahiji anak Ratu Sima, Partiwi nu geus digadangkeun jadi putri mahkota, bakal ngaganti indungna jadi ratu Kalinggga, kawin ka Prabu Mandimanyak, raja ti Karajaan Galuh. Ku kituna antara karajaan Galuh jeung Kalingga téh dihubungkeun ku tali duduluran. Komo sanggeus Partiwi jadi ratu Kalingga mah.

Teu kacaturkeun kumaha mimitina, taun 686 M antara karajaan Kalingga jeung karajaan Sriwijaya nu harita dirajaan ku Dapunta Hiyang Jayanasa harénghéng. Sriwijaya siap ngirimkeun angkatan perangna ka Pulo Jawa pikeun ngarurug karajaan Kalingga. Ratu Sima ogé siap ngaladénan, leuwih-leuwih kaisar Cina nu ti Dinasti Tang geus ngajangjikeun bantuanana.

Perang antara dua karajaan nu kawi­lang badag jaman harita ceuk cohagna mah tinggal der tinggal ngadagoan komando. Angkatan perang dua pihakanana geus samakta, geus siap-siap ka médan perang. Tapi perang henteu kajadian. Raja Sunda, Tarusbawa, kalawan wijaksana ngalelemu Ratu Sima jeung Dapunta Hiyang Jayanasa.(NS Priyatna-kisuta.com)***   


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya