Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kedok Jeung Kembang Ros Beureum

Senin, 28 Januari 2013

“ANJING! Geus Si Koplok deui baé,” pokna, nyidikkeun nu ngababatang. Korban kasalapan. Dina dada mayit aya kembang ros beureum. Ditilaman potrét. Lalaki, maké kedok, lebah beuheungna aya tatoan: gambar ucing hideung jeung pedang. Manéhna kekerot.

“Najan sia jujul ka langit, moal ditarajéan, goblog!” gorowokna bari tanggah. Panonna hurung. Bulan ngadadak rambisak, langit nguyung. Ter..., hapéna ngageter. Rét. SMS. “Giliran manéh! Didagoan di Jalan Gudang 13. Péngkolan kadua. Cirina batu paésan dituruban jas hujan beureum!” Dadana rapluk. Sirahna ngagulak. Biur motor digas. Reg. Lebah imah mencil. Teu salah! Ieu tempatna. Luyu jeung cirina! Keteyep. Blus. Panto teu dikonci. Selengseng, seungit kananga. Bréh, hareupeun panto kamar, sapatu jeung sendal awéwé. Sarampasan-sarampasan. Gap kana révolver. Panto disurungkeun ku taktakna. Bray. Suwung. Kamar beureum. Lampu lima watt. Bréh, luhureun sepré sagagang ros beureum. Numpang dina potrét pangantén. Manéhna! Gebrug panto nutup. Gilek, malik. Hiji tangtungan geus ngabadega. Péstol disongokeun. Nu ditodong muka kedok. “Linda…?”(Nana Sukmana-kisuta.com)***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya