Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Sakatiga

Senin, 28 Januari 2013

LEUMPANG duaan dihujanan kalakay. Aya nu mimiti leungit, rasa. Gening asih téh ngan ukur wiwilangan bulan. Teu manjang nepi ka jucungna.

Balawiri patalimarga mirig kasimpé haté. Hiji dua ungkara lalumpatan teu katuturkeun, laju mumbul ngarapung dirawu angin. “Buntu laku.” Rahuh putus harepan. “Moal diihtiaran?” Hate ngeleter hayang mireng nu gagah mere kacindekan. Ukur gogodeg , teu nyoara. Kemba, nepi ka papisah di stasiun karéta. Euweuh nu nyésa, iwal hate nu raca.(Tiktik Rusyani-kisuta.com)***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya