Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kobong Cinta

Selasa, 29 Januari 2013

Kasép. Bangir. Dipikresep ku satriwan. Dipikabogoh ku santriwati. Aya keureutan turunan Arab. Padahal, pituin urang Sunda. Kalahiran Ciparay. Indungna ti Bungbulang. Bapana ti Soréang. Adam Abdul Rozaq, enya nyantri pisan. Tara lésot ti baju koko jeung kopéah. Komo qur'an. Nyobat jeung para ustad. Dalit jeung para kiyai. Nyaritana teu weleh ngandung dakwah. Ngajak kana hadé nyaram kana salah. 
Trok-trok, aya nu nelepon kana hapéna. Sada awéwé. "Yang, uwih heula. Urang ngabuburit di alun-alun. Tos tarawéhna urang momotoran. Teu bosen, di kobong?” pokna.
"Astagfirulloh," Adam istigfar.
"Yeuh cayang, nikmati masa muda atuh. Omat nya cayang, uwih. Abdi sono,"
"Astagfirulloh," ngadua kalian, Adam istigfar. Laju mareuman hapéna.
Toroktok deui hapé disada. Diangkat deui. Angger awéwé nu tadi. Adam istigfar deui.
"Teras wéh istigfar. Waler atuh, uwih moal? Pami moal, abdi badé ka kobong, nya," ceuk éta awéwé.
Adam angger istigfar. Leungeuna nyekel pageuh pinuh kadeudeuh. Ramo-ramo nu carentik. Ramo hiji awéwé sapasantrén.(Ki Denkur-kisuta.com)***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya