Sastra & Humor
Fikmin
Bisul
Selasa, 29 Januari 2013
GEUS teu rupek. Asa kaubaran. Malah meni beureum beungeut. Nalika ningali aya nu leuwih ti dirina nandangan kasakit.
Kapiasem. Ari ras ku rehe dirina. Henteu pira eta bisul dina bujur. Meni tepi ka ngarampang-reumpeungkeun kahariwang anu jadi salaki. Geuning. Teu sakara-kara. Ari geus di belek ku dokter bedah mah. Tah. Si Atah-adol anu pating sarenut ngakut nanah teh ilang. Salakina, katingali geus ngajingjing keresek wadah obat. “Hayu Yang, urang mulih, bilih kabujeng ilang baal biusna. Keun sing sabar nya, moal lami ge damang.” Kuring teu bisa nembal, era ku diri anu teu payaan, pira oge nandangan kasakit bisul.(Kang IsMaya-kisuta.com)***
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


