Samagaha
LANGIT beuki reueuk ku pihujaneun, dipapaés beungeut bulan anu konéas kokoléaban dikarimbun ku méga umpalan. Béntang taya nu wasa némbongan, sasalingkeran kawas nu embung kabaribinan. Peuting ieu sagara kahéman cacap mungkas galurana, ninggalkeun angen-angen katumbirian.
Bueuk, ungkut-ungkut bati ngaheruk, nutur-nutur kalangkang cika-cika nu pating garenyay lapat-lapat ngajauhan. Iwal angin anu aléwoh, haréwos bojong nguar-nguar béja sandékala.
“Peuting ieu, peuting nu urang, Enung! Lalayaran meuntasan wates bingbang, aturan norma boh agama jeung darigamana ukur kakawihan tamba hariwang. Baeu, napsu urang sina ngabiur ka alak paul, mungguh urang apanan jalma lagas teu katalian!” ceuk manéhna nu anteng susumputan, ngarungrum halimun nu niscaya baris peuray bareng jeung datangna beurang. Ébréh nembongkeun kaadilan, ngadalian kahirupan nu geus dipergasa ku kasombongan. Sakeclak cimata mungkas lalakon poé ieu dina kalawarta nu ngajeblag ngajarebian.(Zulaikha Sobana-kisuta.com)***


