Sastra & Humor
Sajak
Anjeun
Selasa, 29 Januari 2013
Dina wanci nu reupreupan
Sakitu bulan sakitu poe
Kapan urang kantenan paheut
Seja nyorang pileumpangan
Nengek jalan nu tarahal
Metik asih jaladi tingtrim
Ngudag bagja najan can karuhan
Duhh...jungjunan
Asih teh aya ku wening
Katresna panjang duriat
Silih simbeuh ku kadeudeuh
Geus teu asa jeung jiga deui
Hanjakal ku hanjakal pisan
Urang pisah dina reueukna mata poe
Paturay boa kasambung deui
Ukur kalangkang nu angger nembongan
(Ki Denkur-kisuta.com)***
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


