Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Tutas Hujan

Rabu, 30 Januari 2013

JRUT tina Beus Bandung. Hareupeuna, Jalan leutik taringgul tur leueur. Ayeuna kudu disorang. Ketir. Heor angin ti dapuran awi kiwa jalan.

 Ngikrik jangkrik tur reang caricangkas. Mapag kasusahna ngajugjug tempat titirah pikirna kiwari. Cika-cika pating karetip, dina sakeureut imut bulan sareupna. Senterna teu bengras deui nungtun pitincakeuna. Nikreuhna. Bati rumahuh. Katambias nalika di dayeuh waktu keur jeneng. Kagugu. Mangsa keur muka panto kendaraan mewahna. Suka-seuri. Teu weleh dipapag imut kareueut cintana. Silih rungrum di gedong bungah, tepi lali kana waktuna.(Kang IsMaya-kisuta.com)***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya