Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Seni

Gamelan Sekatén Ditabeuhna Sataun Dua Kali

Rabu, 30 Januari 2013

GAMELAN Sekatén téh nyaéta sasét gamelan Jawa kuna pamahugi ti Radén Patah minangka maskawin basa putrana, Patih Unus, nikah ka salah saurang putri Kangjeng Sunan Gunungjati Cirebon abad ka-16. Ku lantaran kaasup barang pusaka anu dipikaajén, ieu gamelan anu miboga laras purwa téh tara sambarang ditabeuh.

Lamun hég nincak poénan lebaran Idul Fitri jeung Idul Adha kakara Gamelan Sakatén téh ditabeuh ku paranayaga Karaton Kasepuhan Cirebon. Sejen ti poé éta mah gamelan anu dijieun tina logam tambaga téh, disimpen di rohangan musieum  karaton, bari diriksa didama-dama ku parapunggawana.

Waktu nabeuhna lamun geus réngsé solat Id. Gamelan ditabeuh keur mirigan Kangjeng Sultan sakulawarga jeung paraponggawa karaton leumpang mulang saentasna solat di Masjid Sang Ciptarasa anu teu pati jauh anggangna ti karaton teh. 

Ari gending anu ditabeuhna, lain catrik, kulu-kulu barang, jipang lontang saperti  gending nu sok diparaké ku  nayaga kiwari. Gending nu sok ditabeuh dina Gamelan Sekatén mah nyaéta gending Bango Butak jeung cirebonan. Ieu gending minangka warisan Kangjeng Radén Patah ti Demak anu kudu dipulasara sapanjang jaman.

Masing geus ratusan taun,  ku lantaran dirawat téa, atuh waditra gamelan masih jejeg kénéh. Di antarana aya kening, panser, panerus, bonang leutik, bonang badag, gender, kénong, goong runtus, gambang, kempul, kendang, jeung nu séjénna. Pon kitu deui kai ukir pikeun nande gamelan gé masih tulén kénéh, tacan raruksak. Ngan pédah nu sok mindeng diganti téh kulit kendang jeung panakol gamelan.

Lamun Gamelan Sekatén ditabeuh di  panggung babancong hareupeun karaton téh sorana  kadéngé ka sabudereun karaton. Padahal teu maké pengeras suara. Masarakat Cirebon sok gumeter, jeung ngangres mun ngarungu sora Gamelan Sekatén disada téh. Cenah sok inget kana perjoangan parawaliyullah dina raraga merjoangkeun agama Islam.

Pangna disebut Gamnelan Sekatén téh, apanan ieu gamelan gedé jasana asana dina masieup dawah ngislamkeun masarakat Jawa harita. Ka anu harayang ngarungu gamelan, kudu maca dua kalimah Syahadat heula.

Gamelan Sekatén kaceluk bibitna gamelan nu aya di Jawa. Cenah gamelan Sunda, Jawa, jeung gamelan ti séké-sélér séjénna, sumberna téh Gamelan Sekatén téa. Baréto mah di Karaton Cirebon loba seniman diajar narabeuh. Cenah nu kungsi diajar di dinya sok jaradi dalang atawa seniman daerah nu masagi.(NS Priyatna-kisuta.com)***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya