Sastra & Humor
Fikmin
Vonis
Rabu, 30 Januari 2013
NAON deui nu kudu dicaritakeun ka Anjeun? Carita nu meredih cimata sedih atawa carita tunggara ngarah dipikarunya? Sedengkeun cipanon geus ngolétrak saat, tunggara béakkeun carita bari kanyeri mah teu daékeun suda.
Apan dawuh Anjeun dina Al Qur’an surat Yunus 49, yén unggal mahluk boga ajal. Mun geus waktuna, euweuh nu bisa ngahalang-halang.
Getih nguwung dina selaput otak, kelainan hemoglobin, kerusakan pembuluh kafiler lain ijroil !!!
Surat vonis ti dokter geus jadi lebu, haseupna luak léok muru langit. kawas dzikir nu meupeuskeun simpéna peuting, teuing nepi moal ka langit Anjeun.(Firda Aulia-kisuta.com)***
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


