Balebat Pamayang
CAHAYA mega ting arudat. Rosa lambak sagara. Silih udag laju pecah. Ting surungkuy muru basisir. Anu geus lawas jadi tempat nganti anakna nu can mulang.
Manehna teu weleh ajeg euyeub harepan, sok sanajan bari rumanggiyeung. Di basisir anu salawasna ngamparkeun sagala rupa kanyaah dirina keur anak lalakina. Tiap wanci simpe. Angger. Tutas telek nitenan kaendahan gambar alam. Ti lebah tengen parat tepi ka kiwa. Manehna laju mulaskeun warna hideung, ka cahaya mega ting arudat, ka rosa lambak sagara. Ti sareupna. Tepi ka detik ieu kandeg. Hegakna milu nyekleuk eureun. Nalika imut anak lalakina, laju nyangkeh dirina. Nalika incu awewena lilir reumbay ku cipanon, bari mukaan lambar demi lambar buku gambar nu dipulasan warna hideung ku Manehna. Nalika Minantuna kapiuhan pada nyeuceuhan ku tatanggana. Nalika layon Anakna pada ngagotong ku para Pamayang.(Kang IsMaya-kisuta.com)***


