Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Nu Baramaén

Kamis, 31 Januari 2013

JAMAN kiwari mah nu baramaén ogé sarumanget. Lain ukur ngubek di terminal atawa di parapatan-parapatan, dalah ka tempat pangetéman di sisi-sisi jalan gé diaprak.

Kawas si bapa kolot nu lolong, teu neuleu gé katangén jagjag leumpangna mah. Unggal mobil nu eureun dipapay dipéntaan. “Pasihaaan agaaan…sodaqohnaaa…” kitu jeung kitu bari nampan ka unggal jandéla mobil. “Hatur nuhuuun…didu’akeun sing salamet di perjalanaaan…” cenah mun kabeneran aya nu méré. Terus mapay. Treuk nu ngajugrug keur parkir gé dirampaan bari angger nampan. “Anyiiing…geuning treueueuk…” pokna angger ngahalengis. (Ki Suta-kisuta.com)***


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya