Sastra & Humor
Fikmin
Lagu Wuyung
Jumat, 1 Februari 2013
Haté nu simpé. Unggal peuting ngan ngitungan rénghap nu beurat. Pating ronghéap lalakon lawas nu maloncor tina érang-érang lamunan.
Hanjakal, teu bisa malikan poé katukang. Basa anjeun neundeun carita dina salambar keretas kayas. Basa méméh mulang ngambung kening semu nu kagagas. Bangun Liwung gandrung. Kaduhung harita bet ditundung. Ari sugan téh rék undur deui, seja ngajait diri tina tunggara. Simpé, nepi ka wiwilangan warsa. Kuring ayeuna, lir tangkal malati pasésaan usum katiga, nu daunna rawék ku hama, nu kembangna kapanasan jadi gondola. Sigana, moal lila deui muguran, tinggal ngaran.* Tiktik Rusyani - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


