Ceuk Papap Kumaha?
JANG Adul geus lawas ngumbara di Batawi. Ngomongna ge sok Lu, ana, ente bae ka sobat-sobatna lamun keur ngawangkong. Manehna boga hiji budak lalaki keur meujeuhna bangor. Abong Budak dayeuh, resep meureun ningali pasawahan. Manehan lulumpatan muteran galengan sawah anu kakara ditanduran.
“Wei Joni. Lu Jangan lari-lari terus di situ, ntar lu jatuh. Ayo sini maennya deket papap!” ceuk Jang Adul anu keur uplek ngobrol jeung sobat- sobat dalitna di saung. Ari budak lain eureun dicarek teh, malah kalah beuki ngahajakeun, lumpatna beuki tarik bari jeung cicirihilan. Na Ari Kosewad teh, budakna labuh nyungkruk kana leutak ledok. Jang Adul lumpat muru anakna bari ngagorowok
“Ceuk papap kumaha tadi teh siah, nya montong lulumpatan wae bisil labuh, belegug!” Anu ngadarenge gorowokna Jang Adul pating cakakak. Salah saurang sobat dalitna ngomong, Pokna teh : ”Bener kitulah Cep Joni, ngarah si papap jadi urang lembur dieu deui!” Kang Ismaya – kisuta.com


