Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Muih Dina Ulekan

Jumat, 1 Februari 2013

“DA goblog silaing mah! Teu beunang dibéjaan ku aing,” ceuk sora. Ngabeledag. Nurih langit. Reup. Matapoé ngadadak geuneuk. Awak beuki ngagibrig. Hayang sapok-pokeun ngajawab, “Rumaos. Nampi lepat. Hapunten abdi,” tapi tikoro kawas dibendung.  Cai kalah beuki léb-léban. Séah narajang ti girang. Beuki luhur. Ngarungkup amarah anu geus teu walakaya. “Pék rarasakeun ku silaing!” ceuk sora deui. Héab, hawa karasa panas. Cai ngagulak. Kahayang tibuburanjat rék luncat néangan darat. Tapi ieu leungeun jeung suku, teu bisa hojah. “Hanjatkeun abdi, hanjatkeun!” Beledag! Gélédég meulah langit. Brah, bendungan bedah. Léong. Diri kapalidkeun. Sirah bencar ditotog-totogkeun. Lup-lep dina umpalan budah nu nyengka. Séot beuki ka hilir. Rungga nanggalang. Gabres! Kocéak teu bisa kedal. “Ceuk aing ogé naon?” Sora ngajelegér deui. Raga kalah beuki nyéot. Dibuntang-banting rébuan curug. Belewer kapangpéngkeun ka muhara nu ngagugulak. Lééh. Cai ngaley hanyir ku gétih. Basa raga kapuihkeun na ulekan, hawar-hawar sora manéhna. Jerit jempling. Duka téh teuing di mendi.* Nana Sukmana – kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya