Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Sajak

Dina Sajak

Jumat, 1 Februari 2013

dina sajak kuring

anjeun ngadalingding

jadi dangding

dina sajak kuring

anjeun ngahaleuang

jadi kembang

dina sajak kuring

anjeun rumingkang

jadi heulang

dina sajak kuring

anjeun ruménghap

jadi manglaksa kecap

dina sajak kuring

anjeun malidkeun rasa

jadi sajak

dina sajak

kuring nganggit

asih

2006

 

 

   Rosyid E. Abbykisuta.com

 


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya