Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Kado

Sabtu, 2 Februari 2013

Caftan krém nu dipadu rok warna kopi tutung katingali payus jeung warna kulitna nu héjo carulang. Via dangdak-déngdek bari muter, belenyéh imut sorangan hareupeun eunteung satangtung.

"Vi, énggal atuh. akang hoyong ningal" sora Andi ngagareuwahkeun nu keur anteng fashion show di kamar ganti.

Via buru-buru muka panto kamar ganti  "Kumaha kang?"

Andi imut, "Pantes pisan, geulis."

"Geulis mah émang bawaan ti kudrat," témbal Via bari ngadilak gumeulis.

"Okeh, bungkuuuuuus," ceuk Andi. 

Hate Via kacida bungahna, teu nyangka Andi sakitu bageurna. Ngajak jalan-jalan dina poé ulang taunna, nraktir makan, maké jeung ngaborong baju jeung selop sagala.

Teu lila grand livina geus nepi deui ka buruan imahna. Andi tanginas mang mukakeun panto mobil, balanjaan gé dipangjingjingkeun kabéh. Via asa jadi ratu.

Tia nu mang mukakeun panto. Belenyeh imut.

"Wilujeng milad, mudah-mudahan sadayana kaanggo," ceuk Andi bari ngasongkeun kabéh bawaanna ka Tia, kembaranna Via. Via ngembang kadu.* Firda Aulia-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya