Sastra & Humor
Dongeng Pasosore
Tong Paké Ay Leup Yu
Sabtu, 2 Februari 2013
"Gus, uing panyieunkeun surat, yeuh goceng keur prangkona!"
"Mangke Kang, kagok keur nganggeuskeun PR heula, eh, sok atuh omongkeun, naon anu kudu ditulisna. Ngan tambahan goceng deui nya. Kang!"
"heueuhlah, kieu ngomongna nya ‘Neng, Surat geus katampa, ngan pamenta maneh moal waka ditedunan beurat ari kudu buuk dicukur mah. Ke we mun arek kawin kakara dicukurna, okey. Wasalam Aa Duyéh' titik! Eh, omat tong paké ay leup yu, nya! Jeung anu lemes pisan basana, baelah meunang rék maké puisi saeutik gé, yeuh ceban! Akang rek mangkat ngojég heula"
"Oké, Bos!"
"Bas, bos, bas, bos siah, katuliskeun jadi tukang korupsi ke uing! Awas poho tong pake ay leup yu! Uing lieur maca balesan surat ti manehna, Gus!"* Kang IsMaya-kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


