Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Sajak

Waiting For Godot

Sabtu, 2 Februari 2013

lalangit diri
lalangit haté
jempling
lalangit jiwa oyag
(sora anjing babaung;
jam nu ngadaplok na témbok
lima menit deui ka pukul salapan)

peuting réhé
peuting combrék
peuting na haté kuring
ngulayaban na jajantung
ngulayaban na urat-urat nu ranteng
na ngamalirna getih
na sakujur awak
ngawirahma jadi musik
ngawirahma ngabalada
“ieu kuring
ieu kuring
geura sumping!”

jatinangor, 2 juli 1995

   Rosyid E. Abby-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya