Potrét Nu Kasép
Potrét nu kasép déngdék ka kénca. Potrét nu dipupusti. Nu salawasna ngancik na ati. Ki Arnasan, ngahuleng. Bingung kudu kumaha ngomékeunana. Jéngké rorowésan, angger teu kadongkang. Durugdug ngagusur méja. Karék rék ngalacat.
Tuur nyorodcod. Teu tulus. Rigidig ka dapur nyokot sapu. Dipaké ngajul. Angger, déngdék deui. Antukna cimunun di buruan. Megat nu ngaliwat. Lar tiluan pamuda ngaliwat. Dipénta tulung. Weléh embungeun. "Teu ari teuing," pokna ngabéngbéos.
Nepika jam sawelas peuting. Potrét nu kasép angger déngdék. Kencling mapay lembur. Sakur nu panggih dipénta tulung. Lapur. Euweuh saurang ogé nu daékeun. Kalah pokna téh: “"baé atuh Aki déngdék mah, moal nyahoeun ieuh si Adul-na ogé,” cenah.
“Potrét bangsat dikukut,” ceuk nu séjén.
Jam dua welas peuting, Ki Arnasan mulang deui. Neuteup seukeut potrét nu kasép. Incuna nu geus sataun aya dipangbérokan. Cipanona ngembeng. Kalacat kana méja nu tadi. Gedebut labuh. Éta potrét ninggang sirahna. Peletak. Ki Arnasan teu hudang deui nepika dirurubna.* Ki Denkur-kisuta.com


