Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Parahu Keretas

Minggu, 3 Februari 2013

DINA meja gawena, ngan ukur hiji meunang dirina. Parahu keretas anu ngajejer dina meja leutik gigireun ranjang tadi beurang jeung budak lalaki ceurik hayangeun dipangnyieunkeun parahu keretas, terus hujan anu kara raat jeung kamalir banjir, tur reang babaturana keur balap parahu keretas, oge kapireng gelendeng Indungna yen ulah ngogo budak lalaki ka bapana anu eureun heula ngahuap daharna, gura-giru mangnyieunkeun parahu keretas keur dirina, dina ingetana pating arangkleung.

Dina meja gawena, ngan ukur hiji meunang nyieun dirina. Teu kawas parahu keretas nu ngajejer keur dirina, di meja leutik gigireun ranjang bapana nu ngajepat imut tinemu bagja. “Tadi bada Subuh ngantunkeuna bapa teh, Den!” Ceuk pangurus panti jompo. Manehna teu nembal rumasa teu bisa mangnyieunkeun parahu keretas keur bapana.* Kang IsMaya-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya