Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Nu Ngarekét

Minggu, 3 Februari 2013

“Cobi goyangkeun, Mah…” cekéng téh.

“Papah lungsur heula atuh,” témbal indung si bungsu.

 “Mamah ti luhur nya . Papah nahan ti handap,” cekéng.

“Lelempeng Pah, ku Mamah diteken,” cenah.

“Teras teken…tekeeen…angkat lalaunan…gésér sakedik…tah, teken deui…teras. Lep..”

“Lebet Pah? Cobi goyangkeun ku Papah…”

Sora tingrarekét mun sakalieun ngulisik, komo deui saré motah, teu kadéngé deui. Weweg teu ngariyeg. Sirit beusi palang dipanna asup kana liang tihangna. Ngaadu manis. Dipan pangsaréan weweg deui. Moal hariwang mun sakalieun saré adug lajer gé. Komo deui ieu mah dipakéna téh ngan malem jangkep.* Abu Ainun-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya