Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Sajak

Galindeng Asih Teu Reureuh-reureuh

Minggu, 3 Februari 2013

"Jungjunan, naon hakékat asih nu saéstu?" Anjeun tumanya na hiji wanci. Lawas temen. Basa girimis kakara raat. Basa baseuh dina batu lukutan can kénéh sirna. Basa ciibun ngagarayot dina jukut-jukut reumis nyésakeun harepan nu saban isuk unggal usik ngajadi silalatu. 

Aya katumbiri ngukir langit nu masih kénéh ngemu impian dina pucuk-pucuk awi. Suni.

"Jungjunan, asih téh galindeng kamari nu teu anggeus-anggeus ngagalindeng dina wirahma haté," pok téh na mangsa séjén. Lawas temen. Basa langit hibar ku layung. Basa angin ngoyag-ngoyag régang kamelang.
Aya kembang érmawar beureum ati marojéngja dina régang-régang asih nu can simpé. Ngadedempés.

(Dua parahu balabuh di darmaga nu sarua satutas mébérkeun layar ka laut nu jauh. Dua napas ngahégak satutas nalukkeun ombak nu salawasna umpal-umpalan meupeuskeun kasimpé haté nu geus lila disidem ngajadi kembang ngarandakah.)

"Naon ari asih?" Anjeun ngaharéwos sajeroning lumampah mapay-mapay rasa nu can kakobét ku angin janari. Nyacapkeun kapanasaran satutas capé ngungkaban babon-babon cinta Gibran. Satutas pikiran leuseuh balas ngumbar-ngumbar wangwangan nyipta-nyipta kaéndahan cinta Gibran jeung May Ziadah. Satutas ramo-ramo ngulahék mukaan falsafah Plato jeung Socratés. Satutas mata ceuleuyeu balas ngagulang-gapér carita asih Adam jeung Hawa, Rama-Sinta, Laila-Majnun, Sampék-Éngtay, Roméo-Yuliét, Saijah-Adinda, Siti Nurbaya-Samsul Bahri, atawa Galih jeung Ratna. "Naon ari asih nu saéstu?" Panon anjeun kalah anteb neuteup seukeut lir mata jamparing ngabelesat niruk jajantung waktu.

(Dina régang-régang kamelang anjeun neundeun sakeprul tineung sampeureun jaga. Harepan anjeun ngan wungkul dina japati sajodo nu keur anteng nyacapkeun asih na dahan kasimpé.)

Kacapiring, Awal ‘04

    Rosyid E. Abby-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya