Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Anu Datang Teu Diondang

Senin, 4 Februari 2013

“PANGAPUNTEN, nun!” ceuk sora. Atra pisan. Ukur engab meueusan ngajawab téh. Rut-ret ngénca ngatuhu. Taya sasaha. Tapi sorana deukeut pisan. Mani nongtoréng. Asa gigireun. Moal ngimpi mah kitu? Ah, da can peureum atuh. Sésa cai dina gelas urut nginum ubar gé oyag kénéh. “Pangapunten ngaganggu!” geus pok deui baé. Naha saha atuh, pupuntenan lain wayah? Boro-boro hayang ngajawab. Ngararasakeun awak nu asa pasiksak ogé sakieu ripuhna. Deuh, hayang apal cucungikna jiga kumaha. Na rék nyémah téh bangun maksa? Teu boga pisan tatakrama. Cik, sing ngarti atuh, matak teu ngajawab gé, aing téh keur ripuh. Beu, na mani pok deui-pok deui. Ku teu gableg cedo, nya? Na teu neuleu kaayaan aing? Haté asa beuki tambah aral. Tapi anu pupuntenan bet kalah beuki kerep. Nyel, haté ambek. “Saha...?“ Antukna ngagorowok satakerna. Napsu ngagidir. “Pangapunten, nun. Seja ngémutan,” pokna. “Heueuh, saha?” beuki tarik. “Abdi nu nuju diraraoskeun ku salira!” Beungeut nambaga. Haté muringkak.* Nana Sukmana-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya