Insomnia
"Aaaarrgh..." kuring nyurat-nyorêt Diary.
"Baku sok ngahudangkeun lain wayah têh. Matak naon geura dug kainyah, pan geus tilu poê teu sarê!" Diary ngageubig-geubigkeun awakna, miceun lambaran nu cikeneh dicurat-carêt ku kuring.
"Kahayang mah kawas batur," kuring ngaheruk, leungeun hideng nyomotan korma, am... am... dihuap-huapkeun.
"Pang babarina atuh pagawean sarê mah, naha makê teu bisa?"
"Sleep Disorder," têmbal têh bari cacamuilan kana kulub kentang.
"Hey,teu sieun gembrot tengah peuting nambul kentang?"
Kuring ngarampaan pipi nu beuki tembem, "Jeun teuing ah, pan ceuk dokter gê kentang jeung korma têh mengandung Tryptophan nu ngadukung hormon sêrotonim ngarah rilêks." Regot kana cai entêh nu ngandung chamomile keur nenangkeun sistem syaraf.
Diary teu lemêk, tayohna tunduheun kênêh.
"Tadina mah embung ketergantungan, tapi kapaksa..." jetlag tidur jeung obat anti depresant ditelegan.
Teu lila merelek heuay, tuluy ngaguher luhureun Diary.* Firda Aulia-kisuta.com


