Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Sajak

Slogan Cinta Nu Kapidangdung

Senin, 4 Februari 2013

Béré kuring talaga cinta nu caina canémbrang hérang
sangkan jaga bisa kokojayan jeung hapsari katut parapohaci
sangkan hiji di antarana kaeurad ku eupan cinta

Béré kuring kembang asih nu seungit taya hinggana
sangkan hirup hurip ku sarining puspa
sangkan sarina mapaésan haté nu kebek ku karungsing

Bandung, Désémber 1993

     Rosyid E. Abby-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya