Midang Bingah
MULANG mawa harepan. Mawa kahéman. Gedé kasono. Hayang amprok. Lawas teu pajonghok. Opat taun leungiteun romantis. Pegat tapi lain putus. Tetep nyambung, nyanggreud pageuh. Teu kedah salempang, cinta angger ngagalura. Bral geura angkat. Teuneung ludeung tong galideur. Nyai, nganti ku kasatiaan. Kitu, enya kitu jangjina. Basa nganteur, papisah di Bandara Husén.
Tamat ngumbara. Laju mulang rék nepikeun béja, yén urang ka balé nyungcung. Mungkas lampah cinta. Nyumponan jangji ati keur ngahiji. Kapan kitu jangji urang baheula. Ari hég? Geuning kalah nyampak balandongan. Geuning kalah dipapag kembang goyang? Olohok mata simeuteun. Ngangres. Poé éta, anjeun bébérlayar. Dirapalan dipungkas kariaan. Hmmmmm......
Nyaan...lain bohong, anjeun baluwas. Raja téga. Penghianat. Teu...teu bisa narima. Dengdam. Geuleuh. Ngéwa. Hayang nguwak ngawik ku balati. Tapi....? Bingung laku pugag lampah. Peunggas tangkal harepan. Opat taun neundeun kadeudeuh. Geuning euweuh hasilna. Bangkar. Teu burung ditepungan. Tina sela-sela ngaleutna jalma. Prok amprok. Pataréma. Gedug kana jajantung. Seueul. Anjeun ukur ngabalieur.* Ki Denkur-kisuta.com


