Cianjuran Bojonghérangan, Juru Mamaosna Tinggal dua Urang
CIANJURAN téh salahsahiji tembang Sunda (mamaos) nu dimekarkeun jeung dimasarakatkeun ku para dalem di Kabupatén Cianjur mangsa kolonial Belanda. Ku sabab diperhatikeun pisan ku para dalem, kaasup ku dalem Bandung, cianjuran saterusna dipikawanoh ku urang Tatar Sunda.
Lian ti cianjuran, nu kaasup tembang Sunda di antarana: cigawiran, ciawian (duanana di Kabupatén Tasikmalaya), cirebonan jeung réa-réa deui, tapi kamekaranana teu saperti cianjuran. Kituna téh lantaran hirupna di masarakat biasa. Para dalemna teu makieuhkeun tembang Sunda nu aya di wewengkonna séwang-séwangan.
Tembang Sunda cianjuran ogé saenyana mah, paling henteu aya tilu vérsi atawa wanda: bojonghérangan, pasarbaruan jeung kebonkembangan. Ngaran ieu tilu wanda cianjuran téh dumasar kana ngaran tempat dumuk para senimanana. "Disebut bojonghérangan nyoko kana lembur Bojong Hérang," ceuk Dadan Sukandar, 70 taun sesepuh cianjuran.
Di Bojong Hérang dumuk katurunan Dalem Cianjur nu resep mamaos jeung maén po atawa penca. "Para tokohna, kapungkur mah, di antawisna Muhtaram, Gan Ebo, Haji Jaéni. Ayeuna mung kantun Bu Lia sareng Mang Acé," ceuk Aki Dadan, nénéhna Dadan Sukandar.
Kitu deui pasarbaruan jeung kebonkembangan, dicokot tina ngaran lembur Pasar Baru jeung Kebon Kembang. "Pasar Baru téh lembur tempat linggihna katurunan dalem Cianjur anu resep kana mamaos sareng maén po, tokoh-tokohna sapertos Gan Idris, Gan Eméd, ayeuna Hasan Wiradirja," ceuk Aki Dadan.
Di antara tilu lembur bieu, anu pangdeukeutna ka Pendopo Kabupatén Cianjur mah Kebon Kembang, gigireun pisan pendopo. "Mangsa dalem Cianjur dicangking ku Prawiradirja II (1862-1910), para seniman mamaos cianjuran ti para somah, rayat biasa, nayaga, dipernahkeun di kampung Kebon Kembang, " ceuk Aki Dadan.
Di Kebon Kembang paraseniman mamaos ku Prawiradirja II dipangnyieunkeun imah. Malah unggal bulan digajih. "Hubungan Kanjeng Dalem Prawiradirdja II caket pisan sareng nayagana. Ku margi ahli Cianjuran anjeunnaa tekun pisan merhatoskeun para nayaga anu keur latihan, " ceuk Aki Dadan.
Hiji mangsa waktu Prawiradirdja II keur dalahar jeung kulawargana di Pendopo, para nayaga nu keur latihan nabeuh gamelan di asrama Kebon Kembang, salahsaurangna aya anu salah nabeuh. "Kanjeng Dalem nu nuju tuang dugi ka liréan, teras muru nayaga, mapagahan cara nakol nu leres," ceuk Aki Dadan.
Ku kituna, ceuk Aki Dadan, nu latihan di Kebon Kembang mah, teu sirikna unggal menit kamonitor langsung ku Prawiradirdja II. Kangaranan nu dipocongkok ku pamingpin kabupatén nu harita mah kandel pisan kaningratanana, paraseniman téh daria pisan latihanana.
"Ari nu latihan sareng seniman mamaos di Pasar Baru sareng Bojong Hérang mah h teu kakontrol margi tebih ti Pendopo. Rupina, nurutkeun pamendak Aki mah hal ieu pisan nu janten ngabéntenkeun ieu tilu aliran; cianjuran janten tilu wanda," ceuk Aki Dadan.
Aki Dadan nyebutkeun pamikiran, gagasan, ide, keur mekarkeun mamaos di Kebon Kembang mah gancang dipraktékkeunana. "Komunikasi seniman sareng Dalem Prawiradirja II gampil, " pokna. Prawiradirja II téh tokoh utama nu nyebarkeun cianjuran ka tatar Sunda.
Béda jeung Aki Dadan, ceuk Lia Latifah, 53 taun, Kepala Radio Stasiun Pamaréntahan Daerah (RSPD) Kabupatén Cianjur, nu dianggap generasi pangahirna murid mamaos bojonghérangan, ciri masing-masing wanda atawa aliran gegedéna alatan kréasi para tokohna. Lain pédah deukeut jeung jauhna lembur seniman mamaos ka Pendopo.
Lia Latifah téh seuweuna (putrana) almarhum Sadikin Kusumah anu ngadegkeun lingkung seni mamaos cianjuran munggaran di Cianjur: Langagar Cita. Lia guguru bojonghérangan ka Tionghoa ahli bojonghérangan, almarhum Tju Liang Séng atawa Mang Entju. Ari Mang Entju guguru cianjuran ka Muhtaram.
"Bojonghérangan gaduh wanda nu mandiri dibandingkeun sareng pasarbaruan, kebonkembangan. Bojonghérangan mah kadanguna téh langkung teges, malah aya nu nyebatkeun teugeug. Ari pasarbaruan sareng kebonkembangan langkung lemes, ngayun-ngayun, dugi ka rarasaan téh kacandak ku galindengna juru mamaos," ceuk Lia.
Diaku ku Lia, kana pasarbaruan jeung kebonkembangan mah loba nu mikaresepna, boh keur nu hayang diajar mamaos, boh ku nu ngan saukur ngadéngékeun. "Bojonghérangan mah mémang kirang paminatna, sanaos kitu Ibu Euis Komariah, almarhumah Tati Saléh kantos diajar bojonghérangan, " pokna.
Pangna bojonghérangan kurang dipikawanoh lain pédah wandana kitu. Gegedéna mah dibalukarkeun ku kaayaan pulitik jaman dalem. "Para tokoh bojonghérangan, Radén Ébo, Raden Haji Jaéni, sareng Radén Muhtaram, tiluana tos teu aya dikieuna, ngarojong pisan kamerdékaan lemah cai," ceuk Nani Supriyatna, 70 taun, sesepuh mamaos cianjuran.
Dina nembrakeun nasionalismena; bajuang keur cita-cita kamerdékaan, jeung ngarojong parapajuang, tokoh-tokoh bojonghérangan terang-terangan. Teu susulumputan. "Belanda nganggap tokoh bojonghérangan téh karaman nu kedah dicangkalak, ngabahayakeun nagara," ceuk Nani Supriyatna.

Ku Belanda, tokoh-tokoh bojonghérangan téh ditétéangan. Ngan tepi ka proklamasi kamerdékaan teu kapanggih. "Sawaktos nuju dipaluruh ku Belanda, taya saurang ogé anu wanieun midangkeun cianjuran bojonghérangan ku margi sieun dituduh balad-baladna Pa Muhtaram, " ceuk Nani Supriyatna.
Para dalem Cianjur ogé teu nolih kana bojonghérangan mah, sieuneun leungiteun kalungguhan. Dituduh ngabantu para pajuang berjoang keur ngaleupaskeun lemah caina tina panguasa deungeun, wani nembrakeun nasionalisme, hukumanana beurat; dibuang ka luar Pulo Jawa, di tempat nu hara-haraeun.
Nani nyebebutkeun lain hartina tokoh cianjuran pasarbaruan jeung kembongkembangan teu panujueun kana kamerdekaan lemah cai, ngan ku sabab para tokohna loba idek liher di Pendopo, pangrojongna téh rerencepan teu saperti seniman bojonghérangan. Ku sabab teu dicuriga, pasarbaruan jeung kebonkembangan mah mekar.
Balukar tina kaayaan kitu, nu diajar bojonghérangan saeutik pisan. Malah tepi ka ayeuna. Lia Latifah manghariwangkeun bojonghérangan bakal sirna, bakal leungit. Tokoh bojonghérangan anu masih kénéh aya di kieunna, tinggal Acé Hasan Syuéb, 80 taun, nu dumuk di Jln. Sunda Bandung. Katambah ku Lia. Jadi ukur dua urang nu kaayanana geus sarepuh.*** Nanang Supriatna-kisuta.com


