Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Sajak

Aya Hiji Buana, Aya Hiji Sagara

Selasa, 5 Februari 2013

Aya hiji buana
di mana kuring teu bisa nyicinganana;
                  buana anjeun
                  sukma anjeun!

Aya hiji sagara
di mana kuring teu bisa neuleumanana;
               sagara anjeun
               jiwa anjeun!

Aya hiji buana aya hiji sagara
di mana kuring teu bisa pisah
katalikung ku duanana;
         buana anjeun sagara anjeun
         ukur anjeun nu miboga

Ciamis, 12 Juni 1993

      Rosyid E. Abby-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya