Fir’aun Énonésa
LEUMPANGNA ngagedig, satengah lumpat. Patalimarga nu pasarandog, nyingray. Pating jumerit, ngacir. Pating kocéak, birat. Pating lenggerek, pangpangna awéwé, kapiuhan.
Pating serepet, puluhan kandaraan aparat, ngudag. Sirinena gogoaran, bingbreung. Jung-jleng, ningker. Samakta bedilna séwang-séwangan, moncongna diponcongokeun. Korolak…! Palatukna dikokang méh rampak. Kumandanna nyorowok, maké mégapon, “Jangan bergerak!”
Ngabedega. Rénghap ranjug. Neuteup seukeut, ngulincer ka sabudeureunana. Getih ucrat-acrét, sapanjang jalan nu diliwatanana. Ngabayabah dina lemah, gigireun suku. Nyakclakkan ti nu dijingjingna. Sang Kumandan ngagorowok deui, “Sirah saha, éta?” Nu dijingjing dijenggut buukna, diacungkeun, panonna molotot, létahna ngelél. Getih tina tungtung beuheung tapak nunggelna, baloboran. Sorana bedas, heuras, “Babatok, Fir’aun Énonésa?!”* Gaus Firdaus-kisuta.com


